komponen power digunakeun pikeun tegangan DC atawa tegangan AC.
conto komponen na:
1. Relay
2. SCR
3. DIAC
4. TRIAC
5. MOSFET
6. IGBT
Relay mangrupakeun komponen anu bisa dipake jang tegangan AC atawa DC. bahasan relay nu leuwih jelas aya di dieu . tapi didieu bakal dicontoan rangkaian relay pikeun ngajalankeun motor DC.

SCR teh komponen anu bisa nyakelar tegangan DC tinggi, aya 3 pin: Gate, A, K.
lamun Gate di kasih tegangan 0.7 Volt, maka Arus bakal ngalir tina A kana K
conto rangkaian

TRIAC dulur na DIAC jeung SCR. biasana dina rangkaian nu aya TRIAC sok make DIAC jang ngalirkeun arus bolak-balik kana TRIAC. TRIAC mah digunakeuna jang tegangan bolak-balik. jadi beban nu dipake na AC, contona motor AC, atawa lampu bohlam atawa motor AC nu jiga kipas angin.
conto rangkaian

MOSFET ge teu beda jauh jeung SCR, ngan ari MOSFET mah metal oxide, beda jeung SCR nu silikon. MOSFET nyakelarkeun tegangan DC, tegangan jeung arus nu disakelarkeuna bisa leuwih tinggi dibanding SCR.
conto rangkaian

mosfet misalkan dipake dina pengaturan pompa jang ngisi cai kana tanki bak mandi. motor nu dipake na bisa motor DC tgangan tinggi.
IGBT teu beda jauh jeung transistor, ngan si IGBT mah gelo pisan, bisa gawe dina tegangan rebuan volt jeung arus gawena bisa rebuan amper. conto rangkian

conto anu riil na, dipake dina per-kareta api-an, aya motor DC anu kudu digerakeun bolak-balik, jadi bisa make ieu si gelo IGBT. perlu apal oge, harga IGBT masih mahal di pasaran.* duka mahal hargana, duka mahal ku sabab pajak ieu teh...lieur lah ari tos urusan sareng pajak mah, jadi asa mahal da lur...
sok we geura pilih, nu mana nu kira-kira cocok jang rangkaian jeung cocok jang dompet na oge....lol
Tidak ada komentar:
Posting Komentar